Perjuangan Patimura di Maluku
Di hiji poe di pulo Maluku, Patimura, pamingpin anu gagah tur wani, ngumpulkeun baladna di tengah leuweung anu leuweungna beuki kandel. Maranéhanana keur merencanakeun kumaha carana ngalawan penjajah Walanda anu ngasup ka tanahna sarta nyiksa rahayat.
“arurang kudu ngalawan! Tanah ieu lain keur dijajah ku maranehna!” ceuk Patimura bari suaranya ngagerung, ngalantarankeun sakabeh baladna nangtung siga anu meunang sumanget anyar.
"Kumaha upami maranehna mawa pasukan nu leuwih loba, Kapten?" salah saurang prajurit nanya, rarayna kabawa ku kahariwang.
Patimura nyampeurkeun anjeunna, terus ngajawab, “Ulah sieun, Adi. Pan urang perang lain ngan ku leungeun jeung pakarang. Urang boga haté anu kuat, boga lemah cai anu kudu urang bela, jeung boga Gusti anu moal ngantep urang eleh.”
Sanggeus éta, maranéhanana pada-pada nyiapkeun strategi. Dina wengi éta, Patimura jeung baladna siap ngagerakkeun pasukan. Dina leuweung anu poék, hawa tiis sarta sora jangkrik kadenge, tapi semangat juang maranéhanana leuwih tarik.
“Sadia, kabeh?” Patimura nyarita deui bari ngangkat bedogna, sinyal yen waktuna geus datang.
“Sadia, Kapten!” ceuk maranéhanana bareng.
Isukna, nalika fajar mimiti nembongkeun sinarna, perang dimimitian. Pasukan Patimura ngalawan penjajah di puncak hiji pasir. Sanajan jumlahna saeutik, tapi kakuatan jeung sumanget juangna teu bisa disapirakeun. Patimura di payun, ngalawan jeung wani.
“Hirup merdeka, atawa paeh!” ceuk Patimura bari nabrak salah sahiji tentara Walanda anu ngahalang jalanna.
Tiba-tiba, sora ti balik pasir ngagerung! Pasukan bantuan anu diduga teu bisa datang, kiwari tiba-tiba mucunghul, dipingpin ku para pamingpin kampung anu ngabela tanah tumpah getih. Dina sekejap, jumlah prajurit ngalawan penjajah jadi leuwih loba!
"Kapten, urang meunang bantuan!" salah sahiji prajurit ngeleter, ningali nu datang.
Patimura seuri leutik bari nangkeup bedogna leuwih kuat. "Gusti henteu pernah ninggalkeun urang," ceuk anjeunna.
Perang jadi rame, sora bedil jeung sora bentrokna bedog jeung tumbak jadi hiji. Pasukan Walanda ngarasa kaget ku serangan balad Patimura nu ayeuna jadi leuwih loba. Arinyana mundur ti pertempuran, kalah dina rasa sieun jeung kahirupan maranéhanana sorangan.
Di akhir pertempuran, Patimura nangtung di puncak pasir, ngibarkeun bedogna ka langit. “Ieu tanda kameunangan urang! Maluku moal pernah dipasrahkeun ka penjajah!”
Sorak-soray prajuritna ngagegedur, ngaraketkeun babarengan dina rasa bangga. Maranehna nyarita, “Merdeka! Merdeka salamina!”
Sanajan éléh dina sababaraha pertempuran, semangat Pattimura henteu pernah surut. Anjeunna terus mingpin perlawanan jeung ngainspirasi rahayatna meh teu nyerah. Tapi perjuangan ieu nepi ka titik kritis waktu aya hiji panghianat ti pihak Maluku anu méré inpormasi ka Walanda ngeunaan tempat persembunyian Pattimura. Akhirna anjeunna ditangkap,
Pattimura dibawa ka Ambon pikeun diadili. Dina pangadilan, Walanda ngusahakeun supaya anjeunna menyerah jeung ngaku kakawasaan maranéhanana, tapi Pattimura tetep teguh kana keyakinanana. Di hareupeun majelis hakim, anjeunna ngomong, "Leuwih hade paéh tibatan hirup di handapeun panindasan penjajah."
Pattimura dihukum paeh. Di tengah sorak sorai para penjajah, anjeunna léngkah ka tiang gantungan kalayan sirah tegak. Saméméh dihukum, anjeunna sempet nepikeun pesen ka rahayatna, "Perjuangan ieu acan réngsé. Salila masih aya kaadilan anu kudu diperjuangkeun, urang henteu meunang eureun ngalawan."
Perjuangan Patimura terus jadi carita legenda. Sanaos anjeunna engké dipiceun ku Walanda, tapi sumanget juangna moal pernah leungit. Peperangan ieu jadi simbol yén kakuatan rahayat moal pernah bisa dikalahkeun ku pakarang penjajah.

Anggota :
BalasHapus1. M. Diar Riana
2. Marissa Intan
3. Salsabila Agustina
4. Rismawati
5. Handi Irwansyah